Translate

Senin, 12 Mei 2014

BASA SUNDA WEWENGKON JEUNG BASA SUNDA LULUGU



PANGJAJAP
Puji sinareng syukur penulis panjatkeun kahadirat Allah SWT, berkat rohmat sareng hidayahna penulis tiasa ngarengsekeun makalah “Basa Sunda Wewengkon jeung Basa Sunda Lulugu”. Sholawat sinareng salam muga-muga tetep dilimpahkeun ka junjungan urang Nabi Muhammad SAW. Makalah ieu penulis susun kango ngaluberan salah sahiji tugas mata kuliah Basa Sunda. Sim kuring ngahaturkeun nuhun kasadayana pihak anu kabawa ngajieun makalah ieu.
Penulis ngarepkeun makalah ieu tiasa mangpaat, khususna kanggo penulis nyalira jeung umumna kanggo sadayana pembaca.


Cianjur, Nopember 2012


Penulis


RENTETAN EUSI

PANGJAJAP............................................................................................................ i
RENTETAN EUSI................................................................................................... ii

BAB I MIMITIAN................................................................................................... 1
1.1  Kasang Tukang......................................................................................... 1
1.2  Rumusan Masalah...................................................................................... 1
1.3  Tujuan Penulisan........................................................................................ 1

BAB II EUSI............................................................................................................. 2
   2.1 Basa Sunda Wewengkon........................................................................... 2
   ... 2.1.1 Ciri Basa Dialek/Wewengkon.............................................................. 2
   ... 2.1.3Tujuan Basa Sunda Wewengkon .........................................................  4
   2.2 Basa Sunda Lulugu.................................................................................... 6
   ... 2.2.1 Ciri-ciri Basa Lulugu............................................................................ 6

BAB III PAMUNGKAS........................................................................................... 8
   3.1 Kasimpulan............................................................................................... 8

RENTETAN BACAAN............................................................................................ 9


BAB I
MIMITIAN
1.1  Kasang Tukang
Dina raraga pangajaran basa Sunda kanggo langkung ngartoskeun ngenaan bahasan “Basa Sunda Wewengkon jeung Basa Sunda Lulugu”, perlu kirana dijieun hiji makalah supaya bisa leuwih ngartos ngenaan bahasan anu dimaksad.

1.2  Rumusan Masalah
Ngenaan rumusan masalah nu bade dicandak,nyaeta;
1.      naon anu dimaksud  basa wewengkon  jeung  bahasa lulugu?
2.      kumaha ciri-ciri basa wewengkon sareng  jeung  lulugu?

1.3  Tujuan Penulisan
Ngenaan tujuan anu baris di lalarkeun nyaeta:
1.      nganyahokeun naon anu dimaksud bahasa lulugu jeung bahasa wewengkon.
2.      nganyahokeun kumaha ciri-ciri bahasa lulugu jeung bahasa wewengkon.


BAB II
EUSI
2.1  Basa Sunda Wewengkon
Basa sunda wewengkon nyaeta wangunan basa anu biasa dipake ku jalma-jalma atawa anggota masyarakat dihiji wewengkon anu tangtu, anu beda jeung basa-basa biasa anu dipake ku jalma-jalma di wewengkon sejenna. Kecap wewengkon (basa wewengkon) sok nambahan kabengharan basa lulugu.
Basa wewengkon “Nyaéta ragam basa nu mibanda ciri-ciri husus tur mandiri sarta dipake ku masarakat sunda di wewengkon sewang-séwangan keur ngabédakeun diri jeung wewengkon liana”. (Sudaryat,1991:130). Basa Sunda wewengkon di hiji daerah nu mibanda sasaruaan dina adegan kecap jeung kandaga kecapna, bisa dijadikeun patokan pikeun masarakat éta daerah. Basa Sunda wewengkon béda jeung basa Sunda lulugu.

2.1.1 Ciri Basa Dialék / wewengkon
Nurutkeun Sudaryat (1985:8-9) ciri utama nu ngabedakeun basa lulugu jeung basa dialék/wewengkon, kitu deui hiji basa dialék/wewengkon jeung basa dialék/wewengkon séjénna, nya éta lentong (intonasi) jeung kandaga kecapna nu diwincik éta dua ciri ngawengku hal-hal saperti kaunggel dihandap.

1.      Fonologi
Bedana fonologi basa lulugu jeung basa dialék téh dina ngucapkeun sora basa.
Contona:
Basa Lulugu
Basa Wewengkon
Di ditu
Na ditu
Di dieu
Na dieu
Manéh
Nyanéh
Kamar
Kamer
Ganas
Danas
Surabi
Sorabi
Tina conto di luhur katangén yén bedana sora bisa dina vocal atawa dina wianjana/konsonan.
2.      Morfologi
Béda morfologis diwatesan ku ayana sistem katata basaan anu béda, frekuensi maorfem nu béda, fungsina di wewengkon masarakat pamakéna, wujud fonologisna, jeung kakuatan rasa basana. Ieu téh ngalahirkeun serepan (inovasi) dina basa.
Contona:   -     lemper sok jadi lelemper
-    Tenong sok jadi tetenong
-    Alem sok jadi aleman
-    Cungkil sok jadi cucungkil

3.      Semantik
Bédana semantik basa lulugu jeung basa dialék téh muncul balukar makéna kecap anyar dumasar kana robahna sora katut wangun kecapna nepi ka harti anu dikandungna robah. Bédana semantic téh ngawengku dua hal, sinonim jeung homonim
1)      Sinonim nya éta lambang anu beda pikeun objek anu sarua.
Contona:
Basa lulugu
Basa wewengkon
Lieur
Menit
Moal eunya
Ilok
Lontong
Loganda
Hui
Mantang
Gebog
Telebug
Pane
Dulang
  
2)      Homonim nya éta lambang anu sarua pikeun objek anu béda.
·        Homograf, nya éta tulisan anu sarua pikeun objek anu béda.
Contona:
Basa lulugu
Basa wewngkon
Rusuh
Rusuh
(Gancangan)
(gelut,riributan)

·        homofon nya éta sora anu sarua pikeun objek anu béda.
Contona:
-          Bank = hiji lembaga tempat nyieun duit
-          Bang  = sesebutan keur lalaki saluhureun

2.1.2 Tujuan Basa Sunda Wewengkon
1.      heunteu ngangap enteng kana basa-basa wewengkon anu aya di tatar Sunda;
2.      sadar kana rupa-rupa variasi basa (ka-Bineka Tunggal Ika-an) basa sunda;
3.      sadar yen basa Sunda katut dialékna raket patalina jeung basa dulur liana di Nusantara;
4.      reueus kana kandaga kecap basa sunda kawas nu katempo tina versi-versi téa; jeung
5.      ngajén kana basa wewengkon lian nepi ka sadar yén basa wewengkon téh gedé gunana enggoning basa Sunda lilugu.

Conto Kecap Basa Ra’yat
No
Kecap Wewengkon
Kecap Lulugu
1.
Aa
Bapa
2.
Abah
Aki
3.
Abon
Hui boled
4.
Agéh-agéh
Buru-buru
5.
Aleman
Ogo
6.
Babancetan
Ucing sumput
7.
Badog
Begal
8.
Bagong
Babi
9.
Bapana
Salaki
10.
Beca
Opak sampeu
11.
Beleketek
Tumis sesa
12.
Béléténg
Galendo
13.
Bengék
Mengi
14.
Besék
Pipiti
15.
Bintang
Bentang
16.
Biting
Nyere
17.
Bobojeg
Cukil
18.
Budeg
Conge
19.
Burung
Gelo
20.
Cabe kiriting
Cabe areuy
21.
Cacanting
Gayung
22.
Canting
Leteran beas
23.
Capeu
Sampeu
24.
Capit
Sandal
25.
Celem
Angeun
26.
Ceplek
Sandal
27.
Ceuceu
Teteh
28.
Delitan
Belikan
29.
Dewek
Anjeun
30.
Éngklék
Solanah
31.
Enok
Eneng
32.
Galak
Barangasan
33.
Geledeg
Guludug
34.
Gmét
Comro
35.
Goah
Gudang
36.
Goang
walungan

2.2  Basa Sunda Lulugu
Basa Sunda Lulugu nyaeta basa anu ditarima sarta dijadikeun basa anu dipake ku masyarakat sunda sagemlemngna. Bsa lulugu biasana dipake sakur panyatur basa Sunda nyaho tur ngarti. Basa Lulugu nyaeta; aturan cara make basa, nu geus ditangtukeun ku masyarakat nu make eta basa.
2.2.1 Ciri-ciri basa lulugu:
1.      Mampu numuwuhkeun mekarna basa
2.      Tumut kana aturan, cara make, undak usuk, ejahan, jst.
3.      Mibanda sajarah nu tangtu
4.      Mampu mekarkeun basa tur budayana
5.      Mibanda palanggeran ejahan nu tangtu

Conto Basa Sunda Lulugu
Basa lulugu :
  1. Muara
  2. Sampe
  3. Jojodog
  4. Dalang
  5. Ladu
  6. Besan

Basa wewengkon Cirebon :
  1. Muara
  2. Kacape
  3. Teleungkok
  4. Gambun
  5. Kalaguding
  6. Warang
Basa lulugu :
  1. Be’ak
  2. Boled
  3. Gulang
  4. Gusur
  5. Sabaraha
  6. Titajong
  7. Maneh
  8. Usum Hujan

Basa wewengkon Ciamis :
  1. Amrin
  2. Mantang
  3. Pane
  4. Sered
  5. Sanaon
  6. Tipagut
  7. Nyeneh
  8. Balabur
Basa lulugu :
  1. Sedih
  2. Leutik
  3. Ngaran
  4. Labun
  5. Parawan
  6. Domba
  7. Newa
  8. Baju
Basa wewengkon Banten  :
  1. Abong
  2. Alus
  3. Aran
  4. Kabubun
  5. Cawene
  6. Gembal
  7. Hewa
  8. Jamam




  
BAB III
PAMUNGKAS
3.1  Kasimpulan
Aya perbedaan antara basa sunda wewengkon jeung basa sunda lulugu, perkara anu ngeunaan cirri-ciri dina basa wewengkon jeung basa lulugu, nyaeta:
·        basa wewengkon dipake ku jalma-jalma atawa anggota masyarakat dihiji wewengkon anu tangtu.
·        basa lulugu nyaeta basa anu ditarima sarta dijadikeun basa anu dipake ku masyarakat sunda sagemlemngna
·        anu ngabedakeun bahasa wewengkon jeung bahasa lulugu nyaeta dina lentong basana. tiap – tiap daerah ngabogaan lentong anu khas anu disebut centong.


 
RENTETAN BACAAN