PANGJAJAP
Puji sinareng syukur penulis panjatkeun kahadirat
Allah SWT, berkat rohmat sareng hidayahna penulis tiasa ngarengsekeun makalah
“Basa Sunda Wewengkon jeung Basa Sunda Lulugu”. Sholawat sinareng salam
muga-muga tetep dilimpahkeun ka junjungan urang Nabi Muhammad SAW. Makalah ieu
penulis susun kango ngaluberan salah sahiji tugas mata kuliah Basa Sunda. Sim
kuring ngahaturkeun nuhun kasadayana pihak anu kabawa ngajieun makalah ieu.
Penulis ngarepkeun makalah ieu tiasa mangpaat,
khususna kanggo penulis nyalira jeung umumna kanggo sadayana pembaca.
Cianjur,
Nopember 2012
Penulis
RENTETAN
EUSI
PANGJAJAP............................................................................................................
i
RENTETAN EUSI...................................................................................................
ii
BAB I MIMITIAN...................................................................................................
1
1.1 Kasang
Tukang.........................................................................................
1
1.2 Rumusan
Masalah......................................................................................
1
1.3 Tujuan
Penulisan........................................................................................
1
BAB II EUSI.............................................................................................................
2
2.1 Basa Sunda Wewengkon...........................................................................
2
... 2.1.1 Ciri Basa
Dialek/Wewengkon..............................................................
2
... 2.1.3Tujuan Basa Sunda
Wewengkon ......................................................... 4
2.2 Basa Sunda Lulugu....................................................................................
6
... 2.2.1 Ciri-ciri
Basa Lulugu............................................................................
6
BAB III PAMUNGKAS...........................................................................................
8
3.1 Kasimpulan...............................................................................................
8
RENTETAN BACAAN............................................................................................
9
BAB
I
MIMITIAN
1.1 Kasang Tukang
Dina raraga
pangajaran basa Sunda kanggo langkung ngartoskeun ngenaan bahasan “Basa Sunda
Wewengkon jeung Basa Sunda Lulugu”, perlu kirana dijieun hiji makalah supaya
bisa leuwih ngartos ngenaan bahasan anu dimaksad.
1.2 Rumusan Masalah
Ngenaan rumusan masalah nu bade dicandak,nyaeta;
1. naon
anu dimaksud basa wewengkon jeung
bahasa lulugu?
2. kumaha
ciri-ciri basa wewengkon sareng jeung lulugu?
1.3 Tujuan Penulisan
Ngenaan tujuan anu baris di lalarkeun nyaeta:
1. nganyahokeun
naon anu dimaksud bahasa lulugu jeung bahasa wewengkon.
2. nganyahokeun
kumaha ciri-ciri bahasa lulugu jeung bahasa wewengkon.
BAB
II
EUSI
2.1 Basa Sunda Wewengkon
Basa sunda wewengkon
nyaeta wangunan basa anu biasa dipake ku jalma-jalma atawa anggota masyarakat
dihiji wewengkon anu tangtu, anu beda jeung basa-basa biasa anu dipake ku
jalma-jalma di wewengkon sejenna. Kecap wewengkon (basa wewengkon) sok nambahan
kabengharan basa lulugu.
Basa wewengkon “Nyaéta ragam basa nu mibanda ciri-ciri husus tur mandiri
sarta dipake ku masarakat sunda di wewengkon sewang-séwangan keur ngabédakeun
diri jeung wewengkon liana”. (Sudaryat,1991:130). Basa Sunda wewengkon di hiji daerah
nu mibanda sasaruaan dina adegan kecap jeung kandaga kecapna, bisa dijadikeun
patokan pikeun masarakat éta daerah. Basa Sunda wewengkon béda jeung basa Sunda
lulugu.
2.1.1 Ciri Basa Dialék / wewengkon
Nurutkeun
Sudaryat (1985:8-9) ciri utama nu ngabedakeun basa lulugu jeung basa
dialék/wewengkon, kitu deui hiji basa dialék/wewengkon jeung basa
dialék/wewengkon séjénna, nya éta lentong (intonasi) jeung kandaga kecapna nu
diwincik éta dua ciri ngawengku hal-hal saperti kaunggel dihandap.
1. Fonologi
Bedana
fonologi basa lulugu jeung basa dialék téh dina ngucapkeun sora basa.
Contona:
Basa Lulugu
|
Basa Wewengkon
|
Di
ditu
|
Na
ditu
|
Di
dieu
|
Na
dieu
|
Manéh
|
Nyanéh
|
Kamar
|
Kamer
|
Ganas
|
Danas
|
Surabi
|
Sorabi
|
Tina conto di luhur katangén yén
bedana sora bisa dina vocal atawa dina wianjana/konsonan.
2. Morfologi
Béda
morfologis diwatesan ku ayana sistem katata basaan anu béda, frekuensi maorfem
nu béda, fungsina di wewengkon masarakat pamakéna, wujud fonologisna, jeung kakuatan
rasa basana. Ieu téh ngalahirkeun serepan (inovasi) dina basa.
Contona:
- lemper sok jadi lelemper
- Tenong sok
jadi tetenong
- Alem sok
jadi aleman
- Cungkil sok
jadi cucungkil
3. Semantik
Bédana
semantik basa lulugu jeung basa dialék téh muncul balukar makéna kecap anyar
dumasar kana robahna sora katut wangun kecapna nepi ka harti anu dikandungna
robah. Bédana semantic téh ngawengku dua hal, sinonim jeung homonim
1) Sinonim nya éta lambang anu beda
pikeun objek anu sarua.
Contona:
Basa lulugu
|
Basa wewengkon
|
Lieur
|
Menit
|
Moal
eunya
|
Ilok
|
Lontong
|
Loganda
|
Hui
|
Mantang
|
Gebog
|
Telebug
|
Pane
|
Dulang
|
2) Homonim nya éta lambang anu sarua
pikeun objek anu béda.
·
Homograf,
nya éta tulisan anu sarua pikeun objek anu béda.
Contona:
Basa
lulugu
|
Basa
wewngkon
|
Rusuh
|
Rusuh
|
(Gancangan)
|
(gelut,riributan)
|
·
homofon
nya éta sora anu sarua pikeun objek anu béda.
Contona:
- Bank
= hiji lembaga tempat nyieun duit
- Bang =
sesebutan keur lalaki saluhureun
2.1.2 Tujuan
Basa Sunda Wewengkon
1. heunteu ngangap enteng kana
basa-basa wewengkon anu aya di tatar Sunda;
2. sadar kana rupa-rupa variasi basa
(ka-Bineka Tunggal Ika-an) basa sunda;
3. sadar yen basa Sunda katut dialékna
raket patalina jeung basa dulur liana di Nusantara;
4. reueus kana kandaga kecap basa sunda
kawas nu katempo tina versi-versi téa; jeung
5. ngajén kana basa wewengkon lian nepi
ka sadar yén basa wewengkon téh gedé gunana enggoning basa Sunda lilugu.
Conto Kecap Basa Ra’yat
No
|
Kecap Wewengkon
|
Kecap Lulugu
|
1.
|
Aa
|
Bapa
|
2.
|
Abah
|
Aki
|
3.
|
Abon
|
Hui
boled
|
4.
|
Agéh-agéh
|
Buru-buru
|
5.
|
Aleman
|
Ogo
|
6.
|
Babancetan
|
Ucing
sumput
|
7.
|
Badog
|
Begal
|
8.
|
Bagong
|
Babi
|
9.
|
Bapana
|
Salaki
|
10.
|
Beca
|
Opak
sampeu
|
11.
|
Beleketek
|
Tumis
sesa
|
12.
|
Béléténg
|
Galendo
|
13.
|
Bengék
|
Mengi
|
14.
|
Besék
|
Pipiti
|
15.
|
Bintang
|
Bentang
|
16.
|
Biting
|
Nyere
|
17.
|
Bobojeg
|
Cukil
|
18.
|
Budeg
|
Conge
|
19.
|
Burung
|
Gelo
|
20.
|
Cabe
kiriting
|
Cabe
areuy
|
21.
|
Cacanting
|
Gayung
|
22.
|
Canting
|
Leteran
beas
|
23.
|
Capeu
|
Sampeu
|
24.
|
Capit
|
Sandal
|
25.
|
Celem
|
Angeun
|
26.
|
Ceplek
|
Sandal
|
27.
|
Ceuceu
|
Teteh
|
28.
|
Delitan
|
Belikan
|
29.
|
Dewek
|
Anjeun
|
30.
|
Éngklék
|
Solanah
|
31.
|
Enok
|
Eneng
|
32.
|
Galak
|
Barangasan
|
33.
|
Geledeg
|
Guludug
|
34.
|
Gmét
|
Comro
|
35.
|
Goah
|
Gudang
|
36.
|
Goang
|
walungan
|
2.2 Basa Sunda Lulugu
Basa Sunda Lulugu nyaeta basa anu ditarima sarta dijadikeun basa anu
dipake ku masyarakat sunda sagemlemngna. Bsa lulugu biasana dipake sakur
panyatur basa Sunda nyaho tur ngarti. Basa Lulugu nyaeta; aturan cara
make basa, nu geus ditangtukeun ku masyarakat nu make eta basa.
2.2.1 Ciri-ciri
basa lulugu:
1. Mampu
numuwuhkeun mekarna basa
2. Tumut
kana aturan, cara make, undak usuk, ejahan, jst.
3. Mibanda
sajarah nu tangtu
4. Mampu
mekarkeun basa tur budayana
5. Mibanda
palanggeran ejahan nu tangtu
Conto Basa Sunda Lulugu
Basa
lulugu :
|
Basa
wewengkon Cirebon :
|
Basa
lulugu :
|
Basa
wewengkon Ciamis :
|
Basa
lulugu :
|
Basa
wewengkon Banten :
|
BAB
III
PAMUNGKAS
3.1 Kasimpulan
Aya perbedaan antara basa sunda
wewengkon jeung basa sunda lulugu, perkara anu ngeunaan cirri-ciri dina basa
wewengkon jeung basa lulugu, nyaeta:
·
basa
wewengkon dipake ku jalma-jalma atawa anggota masyarakat dihiji wewengkon anu
tangtu.
·
basa
lulugu nyaeta basa anu ditarima sarta dijadikeun basa anu dipake ku masyarakat
sunda sagemlemngna
·
anu
ngabedakeun bahasa wewengkon jeung bahasa lulugu nyaeta dina lentong basana.
tiap – tiap daerah ngabogaan lentong anu khas anu disebut centong.
RENTETAN
BACAAN
sangat membantu, izin copas beberapa gan
BalasHapus